Serambi Falsafah - Wanci
peuting geus samporét. Fajar sodik ngabalèbat teu bèda ti lawon beureum nu
dikebut-kebut di langit janari.
"Ti semet ayeuna kaula
teu bisa deui nyaangan andika."
Hawar-hawar kadéngé bulan
ngagerentes nyarita, amit pamit mundut pangampura.
Asa teu percaya, tapi da
kuring yakin nu nyarita tèh bulan. Barina ogè ceuk rarasaan da keur sadar atuh
kuring tèh, teu ngimpi, komo ari mabok mah, jajauhaneun.
Teu kungsi lila, bulan tèh
ngiles. Neundeun kabingung nunda kapanasaran. Tunduh nu biasa datang wayah
kieu, teuing kamana ingkahna.
Wanci pecat sawed, kuring
lumampah ka walungan. "Sugan ari geus diteuleumkeun mah èta sora tèh
leungit." ceuk pikir kuring.
Barang nénjo leuwi, kuring
tuluy ngagebrus, teuleum. Rek malidkeun ingetan tèa. Asa anèh, èta sora tèh teu
daèk leungit. Tibatan ingkah mah kalah beuki ècès kadengè.
"Anjir... kumaha ieu ngaleungitkeunna?"
Baca Juga: Laila Majnun
Kuring hanjat ti leuwi, laju
muru ka imah. Awak rancucut, baju baraseuh. Sababaraha urang nu tepung di jalan
merong ka lebah kuring. Tapi, ah keun waè.
Sréngèngè geus rèk teuleum
ningalkeun alam pawenangan. Kuring cicing di buruan. Teu béda jeung peuting
kamari; tanggah nénjo ka langit bari miharep bulan sugan datang nyarita deui.
Barang ngong adzan magrib,
sababaraha jalma datang ngagogotong layon. Kuring curinghak ngarèrèt kana èta
iring-iringan.
Baca Juga: Sehimpun Sajak Derek Walcott: Tangis Jauh dari Afrika
"Layon saha éta teh?
Jeung naha bet dibawa ka imah kuring?" haté galécok.
Kuring teu hayang tatanya
jeung teuing kunaon ieu lètah bet embung nyarita. Basa iring-iringan asup ka
buruan, kuring ngoléséd ka sisi, tuluy nuturkeun anu ngabring.
Di lawang panto, samping
kèbat nu mungkus layon tèh nyingkab lebah beungeutna pisan.
"Aéh... naha
iraha?"
Penulis:
Asep Zuhud,
lahir 30 September 1996 di Sumedang. Menulis puisi dan cerpen dalam Bahasa
Indonesia dan Sunda. Belum pernah meraih penghargaan selain predikat baik dari
ibu.